Entog
Endog Emaas
Kacaritakeun aya saurang patani nu
kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani
ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina.
Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah
teu boga dulur-baraya, malih garwa mah.
Hiji poe manehna indit ka sawah,
isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah
pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh,
kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun
di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan.
Balik ti sawah wanci sariak layung,
Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti... mun
paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teu dahar
ngan karo uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru
imah.
Isuk-isuk keneh Mang Julin
kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manehna tuluy
cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu kacida
serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog
emas. Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna,
eta endog emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.
Poe kadua, kitu deui, entogna
ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh endogan
endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga
sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu
mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.
Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape
mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa endog emas pira hiji
teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar,
jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog. Ari geus dibeleh
entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu
bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak
dipake kabutuhan sapopoena.
KABAYAN
MORO UNCAL
Isuk keneh Si Kabayan jeung mitohana
geus harudang, lantaran poe eta maranehna rek ngilu moro uncal. Urang kampung
geus saraged, make calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkeng, bedog
panjang nyolegreng.
Sawareh marawa tombak. Anjing rageg geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung poe eta. Nenjo batur saraged teh, Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manehna mah nyantey we, make sarung dikongkoyangkeun.
Ari batur-batur marawa bedog, manehna mah kalah mawa peso raut. “Keur naon mawa peso raut, Kabayan?” tatanggana nanya. “Keur nyisit uncal,” jawabna.

Nu rek moro laju indit. Tepi ka
leuweung, der ngasruk. Anjing rageg ti kulon, ti kaler, ti wetan. Jalma-jalma
pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak. Ari Si Kabayan
misahkeun maneh.
Manehna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, neangan jambu asak. Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!” Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol teh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cek pangirana uncal teh sagede anak embe. Nu matak barang nenjo sato nu siga kuda bari tandukan teh, ngan terekel we manehna naek kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naekna teh da kagok ku sarung.
Manehna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon. Kabeneran uncal teh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.

Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari ditenjo horeng tanduk uncal teh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalesotkeun tandukna. Kadenge ambekanan hos-hosan.
Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan. “Tuluuuuung.. Tuluuung!! Ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan menta tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nenjo uncal abrug-abrugahn teh, teu antaparah deui belewer we ditumbak. Uncal ngajengjehe. Jekok-jekok pada ngadekan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak.
Si Kabayan ge ngalungsar gigireunana bari renghap ranjug. Nu ngariung uncal helokeun.
“Kumaha ditewakna ucal sakieu badagna, Kabayan?” Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang.
Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup weh tandukna ku sarung. Tuh geuning sarungna oge tepi ka rangsak saroeh. Geus karungkup mah teu hese, kari marieuskeun we tandukna.” Sarerea gogodeg.
Ari Si
Kabayan padamuji teh nyerengeh we bari ngusapan tuurna nu barared. Uncal pada
ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar