Pangajaran
Drama
APRESIASI
DRAMA
1. wangenan
Drama
Nurutkeun
étimologina, kecap drama téh asalna tina basa Yunani, nya éta tina kecap drama
anu hartina “gerak” (Asmara, 1979:9). Tina éta kecap, bisa ditapsirkeun yén
drama téh karya sastra anu ngutamakeun gerak jeung tingkah laku. Saupama euweuh
gerak, heunteu bisa disebut drama, lantaran unggal-unggal karangan atawa naskah
drama miharep ayana gerak atawa réngkak paripolah anu ngagambarkeun kahirupan
manusa.
Luyu jeung
keterangan di luhur, Rusyana (1982:3) netelakeun cirri-ciri karangan drama anu
unina, “Karangan drama isinya memaparkan percakapan dan perilaku. Dari
percakapan dan perilaku itu tersusun suatu cerita, perwatakan, dan suatu
cerita. Karangan drama biasanya disuse untuk dipertujukan”. Keterangan sejenna
ngeunaan drama. Nya eta carita anu ngadung tema tangtu, diebrehkeun make dialog
jeung rengkak paripolah palakuna (Sumardjo &Saini K. M. 1986:31).
4. Sejarah
kamekaran drama
Dina
kahirupan masyarakat (sunda) geus nyampak seni anu geus lila tumuwuh sarta
hirup ti generasi ka generasi; nu mangrupa seni pintonan, diantarana bae
longser. Dina kamekaran nu saterusna, wangun pintonan dirarobah jadi hiji seni
pintonan anu dilarepkeun kana wangun sandiwara rakyat. Jejer caritana biasana
dicokot tina carita-carita buhun anu geus nyampak di masyarakat, upamana bae
sarita pantun jeung dongeng, saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Dikusuma“,
jeung “Si Kabayan“.
Naskah
drama nu munggaran aya di Tatar Sunda, dipikawanoh bareng jeung ayana lakon nu
katelah Gending Karasmen. Gending Karasmen mimiti dipikawanoh ku masyarakat
sunda kira-kira taun dua puluhan, sanggeus masyarakat wanoh kana Opera Barat
Komedi Istambul. Iye luyu jeung pamanggih Rusyana (1992 : 147) anu ngeceskeun
yen gelarna sandiwara di urang saentragan jeung Komedi Istambul dina basa
melayu (gelar dina awal abad ka-20) jeung ketoprak jawa. Bareng jeung gelarna
sandiwara, gelar deui Gending Karasmen.
Satuluyna
drama teh model Gending Karasmen leuwih mekar, kabuktian ku ayana para
pangarang gending karasmen saperti R. Mahyar Anggakusumadinata, R. Memed Sastraprahadiprawira,
jeung M.A. Salman.
Ku ayana
rombongan Dardanela nu mawa pangaruh kesenian teaterikal barat dina abad ka-19,
nepungkeun aliaran teater barat jeung aliran teater tradisi nu nyampak di
masyarakat Indonesia, kaasup kana kasenian nu anyar di tatar sunda. Naskah
drama asup kana bagian kagiatan teaterikal di tatar sunda (Jawa Barat ) ku
alpukahna R.T.A Sunarya nu nyiptakeun Gending Karasmen Lutung Kasarung, dumasar
kana carita pantun; R. Memed Sastrahadiprawira nyieun “Kindran Kamasan“ anu diwuwuh
ku sajak, jeung sangkuriang nu direka Utuy Tatang Sontani.
Mimiti
dipagelarkeun Gending Karasmen nya eta taun 1923 sakumaha anu ditetelakeun ku
Isakandarwassid (2003 : 61) nu ngeceskeun yen dina taun 1923 Raden Kartabrata
magelarkeun carita “Lutung Kasarung“ dina wangun Gending Karasmen.
Naskah-naskah
drama sejena dina wangun gending karasmen diantara nya eta : “Sangkuriang“,
beunang R.T.A Sunarya, “Mundinglaya Dikusuma“, “Inten Dewata“, “Galunggung
Ngadeg Tumenggung“, jeung “Nyi Rambut Kasih“, benang Wahyu Wibisana; “Si Kbayan
Balangantrang“ beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara: “Leuwi Sipatahunan“
jeung “Saija jeung Adinda “, “sarta Sri Baduga Maharaja” beunang R.A.F jeung
Koko Koswara;sarta “ Lutung Kasarung “ beunang Sayudi.
Dina
kamekaran saterusna, lahir anu disebut drama modern dina taun 1950-an, wangunna
lancaran, nu dialpukahan ku Utuy Tatang Sontani nu nulis drama tilu babak
“Sangkuriang-Dayang Sumbi“ (1953) anu satuluyna dirobah jadi “Sangkuriang”
(1955). Karya-karya drama sejena nu disebut modern diantarana bae nyaeta
“Dakwaan“, “Babat “ jeung “ Jalan Leumpang” beunang R.T.F ; “Dua Utusan“,
“Suling jeung Peuting“, “Tina Jandela“, “Bawa Kuring ka Ciawang“, beunang Wahyu
Wibisana; “Hutbah Munggaran di Pajajaran “ beunang Yus Rusyana; “Nu Mulang“
jeung “Kanyaah Indung“ beunang Min Resmana; “Masitoh“ beunang Ajip Rosyidi;
“Bandung Lautan Api“ beunang Rukasah S.W; jrrd. Najan sok kapangaruhan ku
sastra Indonesia, malayu malah asing, tapi dina ngagelarkeunnana mah tara
leupas tina tradisi sastra jeung budaya sunda.
5. Bagbagan
Drama
Drama teh
dipasing-pasing dumasar kana (1) cara mintonkeunana, (2) sipatna, (3) babagian
drama jeung (4) unsur-unsur drama 3.1 Dumasar Cara Mintonkeunana
Dumasar
kana cara mintonkeunana, drama teh kabagi kana opat bagian, nya eta drama
rakyat, drama modern, drama klasik, jeung gending karasmen.
d. Drama
Rakyat
Drama
rakyat nyaeta drama nu asalna ti rakyat sarta tumuwuh dikalangan rakyat,
biasana aya jeung dipake dina kagiatan atawa upacara-upacara nu sipatna tradisi.
Ieu hal luyu jeung sakumaha anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 23) yen anu
dimaksud drama rakyat teh nyaeta kagiatan dramatik anu dilakukeun ku masyarakat
dina rupa-rupa upacara sosial kaagamaan; drama anu asal sarta tumuwuh di
kalangan masyarakat. Contona : longser.
e. Drama
Modern
Drama
modern teh biasana sok disebut tunil atawa sandiwara, disebut drama modern
kusabab dina pagelarana geus aya jarak antara nu lalajo jeung nu maen
(panggung, make-up,dialog ), sarta aya naskah (teks). Contona drama : drama
tilu babak “Sangkuriang-Dayang Sumbi“ beunang Utuy Tatang Sontani (1953), “
Masitoh “ beunang Ajip Rosidi, jrrd.
f. Drama
Klasik
Drama
Klasik nya eta drama carita anu medar caritana ngeunaan kahirupan dewa-dewi
(Yunani). Contona : Naskah drama “The Legend of Yunani“ karya William
Sheksphere.
g. Gending
Karasmen Gending Karasmen sok biasa disebut drama swara, nya eta carita nu
dialogna dina wangun kawih, dipirig ku waditra (Iskandarwassid, 2003 : 6)
sedengkeun Rusyana (1992 : 145) ngeceskeun, nu disebut gending karasmen teh nya
eta drama anu pagunemanana ditembangkeun. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1995
: 144) disebutkeun yen gending karasmen nya eta sandiwara ku tembang atawa
leuwih dipirig ku gamelan, opera. Contona : “Sangkuriang“, beunang R.T.A. Sunarya,
“Nyi Rambut Kasih“ beunang Wahyu Wibisana, “Lutung Kasarung“ beunang Sayudi,
jrrd.
Nilik kana
pamedegan di luhur, bisa dicindekeun yen gending karasmen bias disebut drama
swara atawa sandiwara anu dialog-dialogna dina wangun kawih atawa tembang sarta
dipirig ku waditra ( Gamlean ).
5.2 Dumasar
kana sipatna
Sipat drama
bias dipilah-pilah. Sakumaha anu ditetelakeun ku Tarigan (1993 : 82) yen sipat
drama kabagi kana opat jenis, nya eta tragedi, komedi, melodrama, jeung farce.
a. Tragedi
Tragedi nya
eta drama anu pinuh ku hal-hal anu pikasediheun, katunggaraan, alatan ku teu
biasa ngalawan nasib (Asmara, 1979 : 50), sedengkeun Sudjiman (1990 : 15)
ngeceskeun tragedi teh nya eta :
“……..cerita
yang meluluskan pertentangan diantara pratagonis dengan kekuatan yang luar
biasa, yang berakhir dengan keputusan atau kehancuran sang pratagonis……drama yang
menampilkan tokoh yang sedih dan muram yang terlibat dalam situasi gawat karena
sesuatu yang tak menguntungkan, keadaan ini mengantarkan tokoh
kepada
keputusan dan kehancuran yang luar biasa yang berakhir dengan malapetaka atau
kesedihan.,”
Iskandarwasssid
(2003 : 163) nyebutkeun yen istilah tragedi mindeng digunakeun dina ulikan
sastra, utamana dina (carita) drama. Midangkeun adegan-adegan penting tur
serius anu ngabulakarkeun carita (asoy, kamaya, sedih, jste.) keur palaku utama
( pratagonis ); ku lantaran nasib, kalemahan moral tokoh atawa teu kuat nahan
paneka masyarakat. Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur, jadi nu di sedut
(drama) tragedi teh nya eta carita (drama) anu enas-enasna mah nyaritakeun
hal-hal anu pikasediheun nu kaalaman ku palaku utama ku sabab nasib anu mihak
ka manehna.
b. Komedi
Komedi teh
nya eta drama atawa carita anu pungkasna kabagjaan keur palaku utama atawa
temana henteu tragism rupa-rupa pagelaran anu ngolah humor sarta dipungkas ku
kabagjaan palaku utama (Iskandarwassid 2003 : 64)
Pamadegan
Asmara (1979 : 500) ngeceskeun yen komedi teh nya eta drama anu pinuh
kupikseurieun sarta dipungkas ku kagumbiraan atawa hiji pananya ka nu lalajo.
Sedengkeun pamanggih Sudjiman (1990 : 23) netelakeun yen disebut komedi teh nya
eta “lakon ringan yang sipatnya menghibur, walaupun secara keseluruhan dalam
ceritanya ada sindiran, dan berakhir dengan kegembiraan.“
Mun
dicindekeun anu disebut drama komedi teh nya eta carita (drama) nu pinuh ku
hal-hal pikaseurieun (sabalikna tina trgedi), ngahibur, jero pagunemana biasa
mangrupa sindir sampir, sarta ahir caritana pikabungaheun.
c.
Melodrama
Melodrama
nya eta drama anu rea ngolah konflik batin, rea ngolah anu ngagambarkeun
gerakna lautan rasa (Iskandarwassid 2003 : 82). Melodrama mangrupa lakon atawa
sentimental ngegeterkeun jajantung sarta pikasediheun ku sabab ngagarap alur
jeung kalakuan anu kaleuleuwehi, sedengkeun penokohanana kurang diperhatikeun.
Melodrama disa disebut oge sandiwara sedih.
d. Farce
Farce nya
eta carita ( drama ) anu caritana leuwih nyoko kana alur caritaan tinimbang
kana penokohan atawa kana karakteristik, sarta caritana pikalucueunana
kaleuleuwihi atawa sangeunahna. Nurutkeun Jhon jeung Hasan (1990 : 223), farce
adalah pertunjukan jenaka, sandiwara pelawak/lelucon.
5.3
Babagian drama
Babagian
drama anu raket jeung drama dina wangun pintonan nya eta babak, adegan,
prolog,dialog,pasemon jeung epilog.
a. Babak
Babak nya
eta bagian tina drama anu ngarangkum sakabeh kajadian lumangsung dina hiji
tempat dina urutan waktu nu tangtu; gabungan atawa kumpulan tina sababaraha
adegan dina hiji drama (Eneste, 1994 : 18).
Pamadegan
anu sarua ditepikeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen babak nya eta
ngarangkum sakabeh kajadian nu lumangsung di hiji tempat tina urutan waktu nu
tangtu. Sedengkeun nurutkeun Sudjiman (1990 : 11) nu disebut babak nya eta
bagian tina drama atawa lakon.
b. Adegan
Adegan nya
eta tempat lumangsungna hiji kajadian, nu mangrupa bagian tina babak dina drama
nu ngahasilkeun hiji pasualan atawa hiji akibat nu tangtu (Sudjiman, 1990 : 2)
Pamedegan
nu sarua ditetelakeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen anu disebut
adegan teh nya eta bagian tina babak anu watesana ditangtukeun ku robahna
kajadian anu patali jeung dating atawa inditna saurang palaku carita kaluar
panggung.
Eneste (1994
: 13 netelakeun yen anu disebut adegan nya eta bagian tina babak dina drama,
anu watesana ditangtukeun ku robahna kajadian kusabab datangna saurang atawa
sababaraha urang palaku carita dina panggung, atawa inditna saurang atwa
sababaraha urang palaku carita dina panggung.
Iskandarwassid
(2003 : 17) netelekeun yen ciri atawa tanda ganti adegan nya eta lamen ganti
jejer paguneman, biasa jadi lantaran asup palaku sejen atawa aya kajadian
sejen, tapi henteu ganti tempat, henteu aya watu pegat , sarta henteu ganti
episode.
c. Prolog
Dina naskah
drama teu sakabeuh naskah aya prolog. Upama ditilik, prolog mibanda mangpaat
mangrupa salah sahiji sarana anu aya gunana pikeun nu lalajo atawa anu maca
(sastra) sangkan menang gambaran ngenaan masalah , gagasan (ide), amanat
pangarang, jalan atawa galur carita, kasan tukang, palaku-palaku nu makalangan,
jste. Makdsudna pikeun mantuan nu maca atawa nu lalajo dina nyangkem atawa
neleman karya. Ieu hal luyu jeung anu ditetelakeun ku Sumardjo jeung Saini
(1988 : 138) prolog nya eta bubuka tina bagian naskah, mangrupa panganteur
naskah anu eusina bisa atawa
sababaraha
katerangan atawa pamadegan pangarang ngeunaan carita nu rek ditepikeun.
Sudjiman
(1990 : 63) ngeceskeun yen nu disebut prolog teh nya eta “ pembukaan atau permulaan
yang mengantarkan karya sastra dan yang merupakan bagian karya sastra tersebut,
prolog dahulu sering terdapat baik dalam drama maupun roman.”
Prolog teh
ditulisna dina awal drama, jadi manggala sastra, di eusi ku katerangan atawa
pamanggih pangarang ngeanaan lalakon anu baris disuguhkeun (Rusyana, 1992 :
139).
d. Dialog
Bagian nu
kacida pentingna, sarta sacara lahiriah ngabedakeun antara sastra drama jeung
fiksi liana nya eta dialog. Ieu hal luyu jeung nu ditetelakeun ku Hartoko (1992
: 128) yen dialog-dialog mangrupa bagian tina naskah nu mangrupa paguneman
antara hiji palaku jeung palaku nu sejenna. Sakumaha nu dieceskeun ku
Iskandarwassid (2003 : 99) yen istilah dialog nya eta paguneman nu ngandung
harti omongan sual jawab nu keur carita, antara dua jelema atawa leuwih. Carita
bisa dirakit dina wangun paguneman sagemblengna nya eta dina carita drama.
Numutkeun
Sudjiman (1990 : 20) nyebutkeun nu disebut dialog teh nya eta paguneman dina
karya sastra dua jelema atawa leuwih, pikeun ngungkabkeun wateuk jeung pikeun
ngalancarkeun carita. Dina dialog kagambar lahirna pamikiran atawa pamadegan.
Nurutkeun
Rusyana (1992 : 20) yen nu dimaksud paguneman teh kalimat langsung para palaku
anu silih tempas. imiti ditulis ngaran palaku, ti dinya ditulis omongan eta palaku.
Gegedena tina karangan drama mah nya eta paguneman. Tegesna paguneman teh
mangrupa lulugu tina karangan drama.
e. Pasemon
Pesemon,
semu atawa paroman nya eta gambaran rasa hate dina beungeut (LBSS 1995 : 4680).
Numutkeun Asmara (1979 : 49) nyebutkeun pasemon atawa mimik nya eta ekpresi
robahna beungeut pikeun mere gambaran emosi anu kaalaman ku palaku.
f. Epilog
Epilog
sabalikna tina prolog. Prolog ditempatkeuna di hareup nu mangrupa bubuka
naskah, sedengkeun epilog ditempatkeun di tukang, mangrupa panutup. Eusina
biasana kacindekan pangarang ngenaan carita ; aya oge nu ditambahan ku wejangan
atawa amanat. Malahan aya epilog nu duwuwuhan ku panuhun pangarang jeung para
pamaen ka nu lalajo. Saluyu jeung anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 28) yen
epilog teh nya eta bagian panutup anu di tambahan kana hiji karya sastra.
Fungsina nepikeun inti sari carita atawa napsirkeun eta karya.
Rusyana
(1992 : 139) sarua netelakeun yen epilog di tulis tina panutup drama, dieusi ku
kacindekan lalakon atawa nasehat.
2.
Unsur-unsur Drama
Unsur drama
téh kabagi kana sababarah bagian, anu diantarana nya éta: téma, penokohan,
latar, alur, amanat (Hasanuddin, 1996:76-104).
a. Tema
Téma dina
drama, umumna teu jauh bédana jeung téma dina puisi atawa prosa fiksi, nya éta
poko pikiran anu dikandung ku eusi carita. Patali jeung eusi carita atawa
lalakon drama, anu bisa jadi aya patalina jeung téma, aya anu disebut drama
komédi, drama tragedi, jeung melodrama. Salian ti éta, téma ogé bisa mangrupa
pasualan nu diungkapkeun dina hiji ciptasastra (Esten, 1993:22). Iskandarwasid
(2003:162) nétélakeun sacara gemet yén téma téh nya éta inti tangtungan atawa
inti ageman anu sipatna abstak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun
ngayakinkeun anu maca; bisa jadi ku pangarang ditembrakkeun (ditulis). Tapi
mimindengna mah implicit. Téma téh jadi pameungkeut sagemblengna carita. Atawa,
muncul tina carita sagemblengan.
b. Palaku
palaku
atawa “penokohan” dina drama téh nya éta ngaran-ngaran jelema katut pasipatan
anu ngalakukeun dina carita drama, palaku téh biasana disebutkeun dina bagian
awal naskah drama, anu heunteu kaasup kana lalakon. Di dinya diterangkeun
saha-saha waé anti ngaalalakon téh: ngaranna, umurna, pacabakanana,
pancakakina, katut hubunganna jeung palaku liana. Patali jeung kalungguhanana
dina carita, palaku téh bisa dibagi jad tilu rupa, nya éta palaku utama, palaku
pangbantu, jeung palaku panambah. Unggal palaku mibanda karakter atawa
pasipatan séwang-séwangan. Dina drama, karakter atawa pasipatan palaku téh
diebrehkeun karakter si palaku seperti papakeun. Dina naskah
drama,
unsur “pcnokohan” mangrupaaspek nu kawilung, lantaran tina aspek ieu pisan
aspék-aspék anu lian bisa mekar, unsur “penokohan” dina naskah drama mah leuwih
jéntré diungkapkeunana saupama dibandingkeun jeung dina fiksi (Esten, 1993:76).
Sistem ngaran palaku dina teks-teks fiksionalitas mangrupa subsistem tina
sistem-sistem séjén anu leuwih gede (Junus dina Hasanuddin, 1996:78).
c. Latar
Latar téh
kabagi kana tilu rupa nya éta latar tempat, latar waktu jeung latar sosial.
Latar tempat nuduhkeun di mana éta tempat kajadian téh lumangsungna. Dina
bagian anu disebut pituduh panggung (stage direction). ta bagian téh nerangkeun
kaayaan panggung; latarna kumaha. Paripolah palaku, jeung ngatur kaluar-asupna
palaku. Malah sakapeung mah papakéan palaku ogé ditataan dina éta bagian téh.
Ari anu nétélakeun latar, biasana aya dina awal babak anyar atawa adegan anyar.
Latar mangrupa idéntitas pasualan drama salaku karya fiksionalitas anu
ditémbongkeun saliwat ku palaku jeung alur. Saupama pasualan dina drama geus
katitén tina alur atawa “penokohan”, latar boga pungsi ngajéntrékeun tempat
jeung waktu hiji kajadian. Salian ti éta, latar boga pungsi salaku alat pikeun
ngaidéntifikasi pasualan naskah drama keur anu maca (hasanuddin, 1996:94).
d. Alur
Alur,
galur, atawa plot téh nya éta rakitan rupaning kajadian nepi ka mgawujud jadi
leunjeuran carita. Dina seuhseuhanana mah alur drama téh teu béda jeung alur carita
dina carita fiksi séjéna. Ngan biasana dina drama mah anu maca atawa nu lalajo
téh teu langsung “digebruskeun” kana pasualan. Ari tempat jeung waktu katut
para palakuna, biasana diwanohkeun leuwih tiheula dina prolog, anu aya diluar
lalakon. Salaku rangkay tina hiji kajadian alur téh kudu mertélakeun hiji anu
kausalitas sabab alur nu hade téh nya éta naskah drama (hasanuddin, 1996:90).
Karakteristik
alur drama kabagi kana dua nya éta alur konvénsional jeung alur non
konvénsional. Alur konvénsional nya éta saupama hiji kajadian anu ditémbongkeun
tiheula pasti jadi hiji balukar pikeun kajadian satuluyna atawa hiji kajadian
nu aya di tungtung téh mangrupa hiji balukar tina hiji kajadian nu aya di awal.
Sedengkeun alur konvénsional nya éta alur anu dieangun dumasar kana runtuyan
kajadian anu teu ngéntép seureuh. Tapi sok sanajan kitu lain hartina alur
konvénsional teu ngabogaan aturan nu tangtu, saupama ditilik saliwat mah alur
konvénsional téh siga nu teu tangtu tapi saupama ditilik leuwih jero wangun alur
siga kieu téh di jerona mah ngéntép seureuh.
d. Amanat
Amanat téh
nya éta pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Réréana amanat
dina drama téh nyamuni di satukangeun alur carita. Urang bakal nyaho atawa bisa
nangkep amanatna sanggeus réngsé maca, atawa lalajo pintonanana.
Casinos Near Harrah's Casino And Racetrack - Mapyro
BalasHapusClosest casinos to Harrah's Casino And 김제 출장마사지 Racetrack 수원 출장마사지 in Atlantic 안양 출장샵 City. MapYO.com. Search 창원 출장마사지 for Casinos with 경주 출장안마 casinos in Atlantic City.